Selasa, 12 Januari 2016

Pileuleuyan


Langit ceudeum lir nu ngarti yen diri keur aya dina katugeunahan ati
Bewara ti babaturan yen manehna minggu hareup rek jatuk rami
Mawa sumeblak kana diri
Sok ras inget ka nasib diri
Nu masih jauh kana weningna ka asih
Kuring lain iri
Tapi malah ngukur diri
Batur nu sataun kalangkung masih silih upahan jeung silih doa
Ayeuna geus menangkeun pasangan sajati
Tinggal kuring  ngagugulung ka nyeri
Mikiran lalaki nu geus rakirabi
---

Ngadangu babaturan sanasib rek ka bale nyungcung
Kuring sadar kudu ngaleupaskeun ka asih semu
Nu ngan saukur mitresna maya di dunya tanpa nyata
Tresna nu ngan saukur dina kata jeung basa
Tanpa aya bukti nyata
Malah lila-lila kuring lir nu ka sura
---

Pileuleuyan... pileuleuyan... pileuleuyan...
Kuring nutup carita kenangan
Nyingraykeun sagala kaheman jeung kanyeri
Bral... miang tong ngalongok deui ka tukang
lain maksud kuring mutuskeun silaturahmi
Tapi kuring nutup ka asih nu ngagorogotan diri
Pileuleuyan... pileuleuyan... pileuleuyan...



Jakarta, September 2010

Senin, 13 Oktober 2014

Carita Munggaran

Hiliwir angin mawa tiis kana awak nu keur hareudang bayeungyang. Geus sababaraha poe dayeuh nagara keuna ku hawa panas. Heab panon poe ngeleukeub jeung suhu nu jauh tina tatangkalan.

Cihujan jadi pinanti, dina usum panas nu can suda.

Alam nu karasa panas lir respon ti nagari nu rahayatna pakeuwuh ku carita nu teu aya sudana.

Kamajuan jaman ku munculna facebook jeung twitter, ngagampangkeun pikeun ngungkapkeun eusi hate. Carita nu awalna kur duaan, paling rame sakampung. Ayeuna geus teu jamanna da carita bisa geunjleung sanagara, malah bisa sadunya apal sadaya.

Internet nu ngaringankeun dina komunikasi, lir dua mata peso, bisa oge jadi ngagujrudkeun carita nu pasalia.

Ieu tulisan munggaran. Dina catetan basa Sunda.
Nulis jang diajar sakaligus ngamumule basa indung, bahasa Sunda.