Senin, 13 Oktober 2014

Carita Munggaran

Hiliwir angin mawa tiis kana awak nu keur hareudang bayeungyang. Geus sababaraha poe dayeuh nagara keuna ku hawa panas. Heab panon poe ngeleukeub jeung suhu nu jauh tina tatangkalan.

Cihujan jadi pinanti, dina usum panas nu can suda.

Alam nu karasa panas lir respon ti nagari nu rahayatna pakeuwuh ku carita nu teu aya sudana.

Kamajuan jaman ku munculna facebook jeung twitter, ngagampangkeun pikeun ngungkapkeun eusi hate. Carita nu awalna kur duaan, paling rame sakampung. Ayeuna geus teu jamanna da carita bisa geunjleung sanagara, malah bisa sadunya apal sadaya.

Internet nu ngaringankeun dina komunikasi, lir dua mata peso, bisa oge jadi ngagujrudkeun carita nu pasalia.

Ieu tulisan munggaran. Dina catetan basa Sunda.
Nulis jang diajar sakaligus ngamumule basa indung, bahasa Sunda.